Manuk Hiber ku Jangjangna

Share

Mang Yatno

KEUR ngemih. Sugan kitu ge. Sugan ngeunah dahar wayah kieu. Jeung geus lila tara ieuh pirajeunan. Anu ngabaku mah iwal ti sangu.

Beda jeung batur. Kudu ngabaso, kupat, atawa nyate. Ngemih ge arang pisan. Ayeuna ge bubuhan we sasadiaan.

Lain. Lain keur kuring.

Tadi teh adi ngontek, cenah rek nganjang sakalian nganteurkeun laptop. Aman, cekeng teh. Sok diantos.

Eta meureun pedah korona. Puguh ge sarerea katempuhan buntut korona.

Abong enya, manusa mah teu kumawasa. Aya Korona … Leng lieur kuma nya pipetaeun.

Sarerea kituna teh. Teu saurang oge anu tenang. Antukna kuring ge kabawakeun. Sarua we lieur bisi kuma onam.

Ari teu ngagugu ka pamarentah asa piraku. Rahayat mah kudu taat ngagugu ka pupuhu.

Cirining Nagri keur harengheng anu matak rea kamelang oge. Sieun tur inggis ku bisi rempan ku sugan.

Biasana teu kieu-kieu teuing. Atuh, karek ayeuna ceuk sasaha oge. Musibah keur urang mah. Komo keuna di jelema leutik, weuh nataku lieurna oge.

Adi teh can aya wae. Ari suguhkeuneun, lumayan. Ngahaja disiapkeun balanjaan ti warung Mang Sulung. Aya kopi, emih, sopeun oge. Tapi jam tilu can keneh jol. Ah, keun bae.

Laju dipasak emih teh. Spageti cenah. Ngariung opatan. Puguh asa rek nimat. Pangpangna mah ku tea. Tuman sangu deui, kejo deui.

Di luar budak ngadurugdug lumpat. Panto muka. Ana kateter bet nu ngudag manuk. Hayang apal. Nuturkeun nepi ka hareup.

Enya bae. Alus manuk teh. Pulas koneng semu hejo. Hiber Kana popoean. Terus kana suhunan tatangga. Anu ngudag nambahan. Sorangan ge poho kana spageti.

Kitu tah. Antukna manuk lapur da puguh kabur. Dahar teu mirasa, nya kaweur nya cape.

Matak bener sagala ge kudu asak dasar, tong teu payaan. Make pipilueun.

Antukna murilit. Hamo kudu jadi daging. Nu puguh mah teu nyeni weh.

Magrib kakara ka jamban. Ku itungan ngeunah mun leleson bari lalajo tv.

Cacak ukur kitu, na da angger nambah lieur.

Kuma teu kitu. Sidik pan beja teh ukur korona jeung korona.

Geus, urang ngadaroa anggur. Sugan isuk ge … Korona ilang manuk beunang!***

Mang Yatno, lulusan Pendidikan Bahasa & Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. Icikibung dina kasundaan ti awal tahun ’80-an. Boga angen-angen urang Sunda sabilulungan, silih pikaheman, silih pikaasih.