Puisi Ajip Rosidi

Share

Jante Arkidam

Panon beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Janté Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggéng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Janté Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung
Janté raja alam peteng
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jaruji beusi pakgadé miley ku ramona

Ti peuting ngadalinding wangi
Janté raja dina tayuban
Ngagakgak seuri ngibingan ronggéng

“Mantri Pulisi ngalieuk ka dieu !
Bantingkeun kartu Bantingkeun dadu !
Wadana, ulah nundutan di dinya!
Urang ngibing jeung kula – Janté Arkidam !”

Silih teuteup
Wadana jeung Mantri pulisi:
“Janté, Janté Arkidam!
Ngabongkar pak gadé peuting tadi
Ayeuna makalangan di nu tayuban!”

“Enya, kaula Janté Arkidam
Sing saha nu wani maju rék ditigas
Leungeunna kula lalancip pedang!”

Ngahéphép sapanglalajoan
Neuteup ka Janté nu matana ngembang wéra

“Ku naon neuteup ka kula?
Teruskeun ngibing, peuting nyérélék béak”

Ramé deui kalangan, ramé deui pangaduan
Janté masih ngibing nyolémpang saléndang
Nguyup arak sloki ka salapan likur

Waktu beurang datang, Janté ngagolér
Diburu ku Mantri pulisi :
“Janté, Janté Arkidam, Nusa Kambangan!”

Ngagisik hayang sidik
Janté mencrong mantri pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika léléwa bikang
Ngabokong jalma keur tibra!”

Arkidam ditalikung leungeunna dua
Sorot matana ngentab seuneuan

Saméméh béak poé kahiji
Janté minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara

Saméméh cunduk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan

“Saha nu jago nungtut béla?
Datang mun kaula nyaring!”

***