Ku Suryatno Suharma
MITEMBEYAN, nyaritakeun basa, sastra, jeung budaya Sunda. Kumaha kuduna jeung ti mana mimitina? Kitu pananya anu nyangkaruk jeroeun harigu teh. Pangpangna mah asa karasa legana eta pasualan teh. Sok sanajan, masing enya sabalangbentor oge bet teu nanaon satungtung aya bahanna jeung ngobrolkeunana ngagunakeun basa Sunda mah. Mun kudu malapah gedang, upadi nyoko kana hasil panalungtikan mah tada teuing banggana jeung iraha teuing derna nyaritakeunana teh. Anu matak lahlahan, sok sanajan dina emprona mah saukur ngobrolkeun basa Sunda.
Nganjang ka Bandung Kaler. Anu ditepungan teh babaturan ngajar bareto basa kuring aktip keneh ngaguruan di sababaraha sakola di eta wewengkon. Antara taun 80-an nepi ka 90-an ilibiung ngajar di Lembang teh. Jeung make hayang ngobrolkeun basa Sunda jeung pangajaranana di hiji sakola. Gok teh jeung dua budak nu karek lulus ti SMP. Dua budak teh ngahaja diajak nyarita ku basa Sunda, da taksiran bisaeun ari ngobrol sabalang bentor bae mah.
“Saha jenengan teh ?” tanya kuring ka nu saurang nu jangkung.
“Fani !” pokna bari nembongkeun ngaranna dina baju saragam.
“Abdi Meutia !” ceuk saurang deui barang ku kuring ditunjuk.
Ngobrol teh di teras rohangan nu harita teu pati rea barudak da puguh poe pere keneh. Ari di rohang sejen mah rada rame ku nu ngariung nguruskeun murid anyar. Guru-guru oge araya nu kaasup panitia mah. Pa Sarwin ge aya harita teh.
“Guru basa Sunda Pa Sarwin teh ?” tanya kuring ka nu duaan.
“Muhun !” tembalna meh bareng.
Barang ditanya perkara pangajaran basa Sunda jawaban budak teh meh sarua. Duanana ge teu pati sumanget sigana teh medar leuwih jauh mah. Ngan aya harepan ka hareupna mah. Mun tea mah engke diajar deui di SMA, maranehna hayangeun enya-enya diajar nu leuwih soson-soson. Cenah mah nu ngaran Meutia teh kataji ku basa Sunda lantaran cita-citana hayang jadi pangarang. Sugan pareng jadi novelis, pokna.
“Tos kenging dua buku, Pa !” ceuk Meutia.
“Mana atuh…!” ceuk kuring.
“Aya di rorompok !” tembalna.
Ari cita-cita kitu teh geus ti esde keneh cenah. Anu matak di imah sok diajar ngarang carita. Karesepna nulis teh dina basa Indonesia heulaanan mah. Malah tokoh caritana oge urang luar alias mancanagara.
“Resep tokoh Korea atanapi Jepang !” ceuk manehna teh.
Ari nu saurang deui mah hayang jadi guru atawa dosen. Ayeuna teu pati aktip di organisasi da hayang husu heula diajar. Sanajan turunan Jawa Tengah, manehna mah resep kana basa Sunda teh. Keur mah lahirna oge di Bandung deuih, katambah pan guruna ge Pa Sarwin urang Majenang. Pituin urang Salebu nu ngawulangkeun basa Sunda di eta sakola teh. Muhun di SMP Negeri Lembang tea nu perenahna teu pati anggang ti Maribaya.
“Kumaha cara Pa Sarwin ngawulangkeun basa Sunda?” tanya kuring.
“Sok ngadongeng, Pa !” ceuk Fani.
Basa ditanya kumaha hadena kagiatan kasundaan di sakola, dua budak teh ngebrehkeun pamadeganana, upamana ngayakeun lomba atawa ekstrakurikuler kasundaan, kayaning lingkung seni, sajak, atawa biantara, cenah. Meutia mah komo resep pisan hirup di organisasi teh, pan kamari ge basa sakola keneh di SMP teh jadi sekretaris umum di OSIS.
Teu lila kuring ge ngobrol jeung eta barudak teh, sabab aya nu ngaesemes ti UPI Jalan Dr. Setiabudi Bandung. Tapi sempet ari ngobrol jeung balad bae mah. Utamana ngobrol teh sareng Pa Sarwin nu pancenna ngawulang eta barudak tea.
“Kumaha pamendak Akang waktos ngawulang di sakola ?” tanya kuring.
“Biasa bae. Anu penting barudak resep heula. Tong disingsieunan barudak mah. Omat ulah nyebutkeun hese mun diajar basa Sunda!” saur Pa Sarwin teh.
Anjeunna lulusan IKIP Bandung taun dalapan puluhan. Ayeuna angger ngeureuyeuh ngalatih barudak sangkan resep nyarita ku basa Sunda. Mun barudak resep, karek diajar ngalarapkeun eta basa tea. Naha nyarita atawa nulis karangan, boh sajak, boh carpon. Kitu deui diajar ngadongeng atawa biantara. Bandungan we kabiasaan budak nyarita sapopoena. Naha make tatakrama atawa henteu?
Saur Pa Sarwin keneh, pan basa Sunda mah basa rasa. Tetela dina prakna ngagunakeunna oge kudu jeung hate atawa tong direka teuing. Sahayuna we, teu kudu maksakeun, komo mun niat pupujieun. Asa teu perlu, ah.
Sanajan Pa Sarwin pituin urang Jawa Tengah oge, basa kuring nganjang ka bumina mah tetep ngatik dua putrana teh ku basa Sunda bae. Basa indung teh penting, anu matak basa Sunda pas pisan keur basa kahiji mah. Nerapkeun tatakrama ka barudak ! Saur Pa Sarwin nandeskeun kumaha pentingna diajar jeung ngagunakeun basa Sunda.
Mungkas obrolan harita, Kang Sarwin miharep, sangkan guru-guru basa Sunda mah pantesna nyontoan ka barudak teh. Memeh ngajarkeun ka batur, hayu di kulawarga dibiasakeun heula ngajar barudak sorangan. Kitu saurna teh.
Eta ge aya embohna. Salian ti kudu langsung mere conto nyarita ku basa Sunda teh, Pa Sarwin umajak ka sakumna guru basa Sunda pikeun raresep nulis deuih. Bisa nulis dina majalah atawa dina koran. Anu penting guru ngabiasakeun aktip nulis ngarah jadi kabiasaan sapopoe. Paling copel guru ngaping murid geusan naratas ngarang ngaliwatan Mading atawa Bulletin sakola. Satuluyna mah bisa nata kapustakaan, boh di imah, boh di sakola.
Kitu hasil obrolan kuring harita basa ngahaja ngalanglang ka Lembang nu hawana angger tiis teh. Hiji waktu mah hayang datang deui ka SMP Negeri 2 Lembang – Bandung Barat bari sakalian ngayakeun sosialisasi atawa sabangsa gempungan pikeun ngadu-renyomkeun perkara kasundaan. Bari sakalian hayang mere sumanget ka Fani jeung Meutia katut batur-baturna. Mun tea mah hayang leuwih pinter maca atawa nulis, kitu deui nyarita basa Sunda, bisa gaul jeung para wartawan atawa budayawan kahot upamana. Bawirasa, bakal leuwih alus lamun barudak SMP diwanohkeun ka budayawan atawa ka sastrawan ti kelas 7 keneh. Mun tea mah jaga aya karep jadi pangarang barudak teh miboga gambaran ku cara nyarita atawa ngobrol langsung jeung ahlina.
Inget sim kuring ge, yen aya sababaraha urang balad anu kaitung resep tur maher ngokolakeun basa katut sastra Sunda. Sebut we batur sapangulinan bareto nu mindeng heureuy di tetecean Isola. Budi Rahayu Tamsyah inyana teh, ayeuna mah arang tepung da puguh ku kasibukan tea. Sanajan bisa jadi ukur alesan. Anu puguh mah can pareng tepung alatan can aya garapan anu sapuk tur satujuan. Anu matak dina ieu tulisan moal leupas tina uar pangajak ka wadya balad pikeun babalagonjangan, makihikeun kasundaan anu lawas teu kaobrolkeun babarengan. Minangka wadahna mah geus aya ti taun dalapan puluhan oge nyaeta Kelompok Tujuh Puluh jeung Mitra Sunda 81.
Meunang hayang ieu lahan dibuka pikeun sawala. Eusina teu kudu jauh tina pasualan nyarita ku basa Sunda. Sakumaha pamanggih Kang Sarwin tea, majar pangajaran basa Sunda mah tong hese-hese nepikeunana ka barudak. Anggur akalan sangkan barudak tea resep heula terus babarengan nyarita dina kahirupan sapopoe. Malah sakalian kuring ge ngajak ka barudak di sakola pikeun ngeusian ieu kolom.
Saheulaanan ieu mah. Hanas engke aya momones nu pantes pikeun sawalakeuneun, eta mah sa deui. Urang atur we …!
Memeh tret kuring inget oge ka Kang Desman di Cianjur, Ceu Susi di Sukabumi. Sugan jeung sugan sasih payun sim kuring tiasa ngulampreng ka eta wewengkon. Maksud teh rek sakalian ngider nepungan Kang Herlan jeung Kang Deden, sarua di Sukabumi keneh. Muga batur di lembur baraya di kota sami-sami sapagodos kanggo rempug- jukung geusan ngalaksanakeun pancen enggoning ngaping barudak di imah, di sakola, katut di masrakat tangtuna oge.
Ciri nagri nu utami cara nagar ngarumat budayana, hayu paheuyeuk leungeun nanjeurkeun harepan mukakeun lawang kahadean muru karahayuan jeung kasugemaan kahirupan. Saur Kang Sarwin tea mah, rek iraha deui urang silisegag mun teu ti ayeuna waktu jaragjag. Reueus kuring ge, salila ieu inyana nabeuh kasundaan di wewengkon Lembang Bandung Barat babarengan jeung dulur-dulurna kaasup Teh Endang. Komo deui murid-muridna nu kungsi diajaki ngobrol tea. Majarkeun teh sapuk mun kudu ngayakeun acara babarengan di sakola dina kagiatan intra jeung ekstra kurikuler.
Atikan teh tanggung jawab urang sarerea. Garapan mah kudu disanghareupan ku urang jeung urang. Tong tambelar, tong hariwang, teu kudu gindi pikir belang bayah. Anggur mimitian siliajak, silijeujeuhkeun, silisimbeuh ku kadeudeuh. Ti dieu we mimitin mah….!
Keun da ieu mah ukur harepan. Muga bae jeung suhudna diajar basa Sunda teh. Ari geus jagoan tur nyangkem elmuna mah moal aya rugina. Prung !***
Biodata
Suryatno Suharma bumen-bumen di Nyingkir, Desa Cihideung, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat. Ngalaju laku dina ngokolakan pangajaran basa Sunda di sababaraha sakola di Bandung Raya. Ti tahun 80-an ilubiung dina ngabeungkeut kaheman kana budaya, basa, jeung sastra Sunda. Katompernakeun Suryatno Suharma ancrub ngokolakeun Tabloid Sunda Manggung, Majalah Forum Pendidikan, jeung Didikpos.com.