Cep Korona

Share

Carpon Mang Yatno

SUGAN ari inget keneh. Baheula, beh ditueun bareto … kira taun dua rebuan. Harita ieu nagri asa aman. Sepi paling towong rampog.

Kitu ceuk panyariosan. Televisi jeung radio ge, komo koran jeung  kalawarta saperti majalah … kabeh nulis jumenengna eta mangkeluk. Saha nu ngadenge, malah nyaritakeun kaayaan … Cep Korona.

Heuy deuh, mani leuwih ngagujrudkeun. Nepi ka bisa nyarek solat sagala. Eta Jumaahan, kudu di imah. Sasalaman bae kudu cara urang Sunda. Asa ku wenang, asa ku wani alah batan …!

Ceuk sakaol, eta nu ngaran Korona teh muasalna tina lalay. Lalay Badot kitu? Ka teuing da ukur beja. Tuluy ditema ku beja deui, majar tina sato naon wae oge bisa ngabalukarkeun munculna vireus corona.

Atuh, bangsa uing tibuburanjat. Guru, ratu, wong atua, saha bae oge gimir. Teu cacah teu menak sami … sieun ku Si Eta. Korona, gituh loh …!

Aya ku ceuceub, ngewa, sieun, jeung … sagala rasa pagalo. Nyedek kana hulu-angen, seueul.

Solat, asa miluan. Dahar, asa aya. Iinditan, komo da teu meunang. Antukna caricing di gogobrog. Keur nu boga imah. Dialajar deui cuci-tangan … sibanyo, kokocok. Kade kudu make sabun, caina nu ngocor. Beuh …, keur Ende nu kagungan cai.

Keur nu sangsara mah, teu saung-saung acan. Cai ngocor timana, teu gaduh keran, sabun, masker. Ah, pokona harita asa rariweuh!

Ka dieunakeun. Doa kanggo nu katarajang. Doa manteng ka Gusti kanggo nu ngantunkeun. Mugia janten syuhada! Aamiin …!

Kuring ge teu poho. Sakola pere. Cara ujian dirobah. Guru, dosen, ngawulang ti bumi nganggo hp, laptop, media sosial tea. Ari Cep Korona duka ka mana wae ngagalaksak ka unggal madhab.

Karunya ka supir angkot, ojeg, supir wisata … humarurung. Bingung, kumaha setor, majar teh.

Nu daragang di kantin sakola, kampus, di Rumah Sakit, pere sarua. Deuh, kumaha?

Ibu kost raripuh. Pokona waktu eta taya nu berag. Kang Akim wae nu sok heureuy, rada bangkenu da kudu nyemprot ka paimahan.

Kukulunuan mapay gang nepi ka wayah magrib can keneh rengse. Wayahna, Lur!

Di jalan, kota, kampung … jadi sabiwir hiji …

Aya beja naon deui? Kuring jeung batur-batur maluruh. Eta cenah Engko Rona nyemah menta hampura.

Ke … ke … Cep Korona! Ooh, geus kolot … jadi Engko … Rona! Tuluy?

Baheula tea … basa nguwak-ngawik lembur urang. Malah ngacak alam dunya teh ngageuingkeun. Na, kumaha?

Perkara ibadah. Eta kawajiban. Kudu ihlas. Samemehna beberesih sing palid kokotorna. Ulah tas abdas, aya kokotor tinggaleun dina irung, tokoro, ceuli, buuk, tarang, uteuk, leungeun, siku.

Matak kudu dialajar deui sibanyo teh! Terus!

Kumaha bet kudu solat di imah? Heueuh, sing tartib ti imah heula! Ulah nepi ka … keur solat acong-acongan, ari beresna … itu eneh-itu eneh!

 Ah, nyao… beuki lieur!

Sasalaman, kumaha? Lain muhrim, sok dirarumpak wae. Make cipika-cipiki sagala …! Lah, da lain kitu !

Ooh, kitu eta teh! Tuluy…!

Nya, pek we pikiran ku ilaing … Naha ieu carita teh bener atawa salah? Cindekna mah, urus imah maraneh ari hayang ka sorga mah. Baithi … Zanathi…! Omat, ulah cul dogdog tinggal igel.

Arusaha jiga nu enya silisigeung, silisegag, … demi acis, demi jabatan … Ari kulawarga … Anak dititipkeun ka guru ka batur … Karaos …!

Ooohhhhhh…. Cep Korona!

Aya kituna! ***

Mang Yatno, deuheusna mah Buya. Di kulawadet tukang ngageuing kana kasundaaan mah, ieu lulusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda IKIP Bandung teh, ti mimiti ancrug kukucuprakan dina kasundaan mah katelahna teh si tukang nyosok gero, tukang ngageuing yen ngarah Ki Sunda terus nanjeur, kudu aya ketak nyata, ulah ngan ukur bau sungut.