Sajam Satengah

Share

Carpon Suryatno Suharma

TI Bandung mah miang teh jam 10-an. Tujuhan samobil. Supirna teu Si Emas, tapi ku Pa Ahmad.

Bring ti Sarijadi mapay jalan leucir. Puguh we mani ngabelesat ngebut naker. Ngajugjug ka Buah Batu nyampeur Ceu Ati nu jangji amprok di dinya. Geseh sapuluh menit sigana, heula mobil. Jol Ceu Ati turun tina motor.

Biur muru Garut ngaliwat Nagreg. Mengkol ngatuhu teu pinuh teuing patalimarga. Jajauheun kana macet. Kuring teu nundutan da paur. Pa Ahmad leuwih wani batan Si Emas.

Di Rumah Makan eureun. Makan sambel lada jeung goreng hayam. Lalabna pucuk jambu mede jeung daun gedang. Inget keur budak di lembur. Kuring nu sok ngala lalab teh. Pan di kebon kolot nyampak nu kitu mah. Harita tea sagala nyampak.

Reureuh cukup. Miluan ngaroko sapotong. Nguntungkeun. Indit deui ka Garut kota. Rada rame ayeuna mah. Loba nu daragang deui sarengse usum covid. Mobil mengkol ka katuhu. Anjog we ka wewengkon nu endah. Deuh, waas lalega keneh sawah.

Sarerea muru cai kokocok. Cuci tangan. Masker masih marasang keneh. Saurang pagawe tutuduh ka tatamu nu harita datang. Unggal juru wawangunan imeut diteuteup. Ku endah ieu alam. Kolam renang, musola, dapur, jamban kapapay. Kamar tidur, rohang tengah, katut tempat lianna aya ku raresik pikabetaheun.

“Cocog!”
Ceuk Rumi bari acung jempol.

“Pas!”
Tembal Wiwi. Imutna bangun sugema.

Pijadieun ieu mah.
Kitu sora Suta.

Da geuning DP oge ditransfer kamari. Cacakan karek nenjo tina youtube ge langsung satuju.

Tatangkalan subur. Hejo karembangan. Angin ngahiliwir.

Kungsi marejeng heula. Cetrek. Poto hp sababaraha kali. Bangun bungah nu tutuduh oge. Guide, eta teh. Budak ngora kasep, cenah urang eta lembur pituin.

Karyawan nu diajak ngobrol ge majar urang dinya. Kitu deui nu boga eta tempat, urang dinya keneh.

“Sabaraha miliar ieu ngawangunna? Jaba lahanna ge, beuh lega kieu. Boa triliun.”

Jul-jol tamu nambahan. Plat mobilnya ge aya Batawi, Bandung, jeung lianna.

Kuring ge helok. Ieu tempat teh estu matak reueus sarerea. Pamandangan, gunung, sawah, katut palemburan nu sakitu endahna.

Sajam satengah Bandung-Garut, keur supir mah citil. Ari keur kuring mah hadeuh … Ngadegdeg.

“Tong ngebut teuing!”

Teu kaur reup nundutan ge.

Jalan mulus tuda. Katambah suasana kakulawargaan nu sakitu raketna. Puguh bae galumbira kacida. Kadaharan jero mobil lengkep. Upadi mulangna mah, da burayot ge kabeuli.

“Lada eta sambel!”
Ceu Ati ngomen.

“Bener!”
Tembal kuring.

Isukan deui mah asa hayang ngajak balad ti Bandung. Rek ngojay sawaregna.

Waas tuda, pazamanan covid masih keneh saruka-bungah. Mana kitu ge meureun tetep baretah di dunya teh. Naon deui mun lain sukur ka Gusti!

Ngan ka Anjeunna urang sumerah!***

Suryatno Suharma, alumni SMEA Negeri Banjar. Resep tulas-tulis ti bubudak. Alesanna mah, ari otak muter dipake mikir teh endahna dunya ge asa beuki nambahan.

Redaksi didikpos.com menerima karya sastra dari pembaca berupa cerpen, carpon, puisi. Karya sastra dikirimkan melalui email: didikposmedia@gmail.com.