Fiksimini ti Kertasari

Share

GURU hèbat nyaèta guru anu parigel, sagala bisa, sagala kaduga, sagala katata. Guru anu samodèl kitu ku zaman ayeuna sakuduna tos teu sesah nèanganana, lantaran sagala fasilitas tos nembrak, utamana ku fasilitas tehnologi impormatika.

Luyu sareng Program Gerakan Literasi Nasional, guru anu mibanda kaparigelan nulis mangrupakeun hiji modal pikeun mèrè conto sarta tuladan ka para siswana. Literasi maca tur nulis mangrupakeun modal utama pikeun ngambah sagala elmu pangaweruh jeung kahirupan.

Tingkat peradaban hiji bangsa bisa ditinggal tina tingkat literasi rahayatna, hususna di dunia pendidikan. Hiji panalungtikan (1997) anu dilakukeun ku Taufik Ismail ngabuktikeun yèn budaya baca bangsa Indonesia masih “Nol Buku”, lantaran urang Indonesia mah “luar biasa sedikit membaca buku”. Kantenan nulis mah.

Antukna, pelatihan-pelatihan berbasis literasi “Bak jamur di musim hujan”, euyeub, tur nerekab saantèro Nusantara. Naon anu dilaksanakeun dina Pelatihan Menulis di Kertasari mangrupa hiji ihtiar ngaguar kaparigelan guru dina widang nulis. Buktosna tos nyampak, hiji buku tapak lacak tina pelatihan menulis.

Mugi buku “Fiksimini ti Kertasari” ngajadi bukti yèn guru-guru di Kabupaten Bandung mibanda kamampuh Literasi maca tur nulis.***

Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung
Dr. H. Juhana, M. M.Pd.